السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ،َأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.، أَمَّا بَعْدُ؛
إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ،َأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.، أَمَّا بَعْدُ؛
Taimiti jisim kuring ngawitan nulis Ieu kitab,
ngalap berkah ti jenengan Allah Ta’ala, nu maha murah di dunya kasakabeh
mahlukna jeung nu maha asih di akherat kasakabeh umat-umatna anu mu’min, ari rohmatna
Allah, kasalametana lungsurna nyaeta ka panutan urang sadayana, Kanjeng Nabi
Muhammad shalallohu alaihi Wassalam, tur kapara sohabatna tawuh kulawargana
sakabeh.
Wiwitan Mun Rek Neangan Pangeran
Aya
dawuhan kanjeung Nabi Muhammad rosululloh Solullohu Alaihi Wassalam anu kieu
unggelna “ Man Tholaba Maulana Biqhoiri Napsihi Faqod Dolla Dolala Baida”
pibasa sundaeunana sing saha-saha jalma anu neangan pangerana kaluar tina
dirina sorangan mangka batur-batur eta si jalma kasasar. Kusabab dina dirina
ngancik rasa jauhna jeung Allah ta’ala, padahal aya dalilna (katerangan) “
Wanahnu Aqrobbu Ilahi Min Hablil Warid”anu hartosna kami geus teu aya
antarana deui jeung aranjeun sakabeh.Sanajan lamun di ibaratkeun urang beheung
jeung beuheungna anjeun sorangan oge, masih deuket keneh anjeun jeung Kami
(Allah), anu matak manusa mah makhluk nu leuwih dimulyakeun ku Allah ta’ala
tibatan makhluk sejena, kapan ceuk katerangan dina hadistna oge kie “ Wa
Laqod Karomma Bani adam” anu hartosna Kami (allah) geus ngamulyakeun
pisan ka anak putuna adam. Dina katerangan sejena oge allah ngadawuh dina surat
At-tiin ayat opat nu kie unggelna “Laqod
Kholaqnal insana fii ahsani taqwiim” anu hartosna manusa the pang
alus-alusna jeung pang aheng-ahengna kajadian ti sasama makhluk Allah ta’ala
(QS.At-Tiin:4).
Geura
lamun seug anjeun geus nyaho kana diri anjeun sajeroning raga anjeun sorangan,
tangtu bakal karasa ka ahenganana anu aya dina waruga sorangan, kakara lamun
diri anjeun geus apal ka rasa ayana rumasa kana maha kawasa maha-Na.Aya deui
dawuhanana kanjeung nabi Muhammad Saw. Anu kie unggelna “Man ‘arofa nafsahu faqod ‘arofa
rabbahu” anu hartosna sing saha-saha jalma anu geus apal kana dirina
sorangan, mangka geus tangtu apal ka Gustina (Al-hadist). Dina dawuhan anu
sejena “ Wa Man ‘arofa Robbahu faqod jahillan nafsahu” anu kie
hartosna sing saha-saha jalma anu geus apal ka Pangerana, tangtu bakal ngarasa
bodo dirina (Al-hadist).
Kusabab
tangtu kaharti geuning si jasad the moal
bisa usik moal bisa malik lamun teu di dayaken sareng teu di upayakeun ku Pangerana.
Sidik geuning ieu si jasad teh lir ibarat rokrakna bae, nu matak urang kudu
ngaji, lain ngan saukur ngaji kitab anu keuna kuruksak, tapi kudu dibarengan ku
ngaji kitab anu langgeung, kapan geuning ceuk katerangan hadist ge kie “
Iqro kitabakakafa binafsika alyauma ‘alaika hasiba” anu hartosna aranjeun
kudu ngaji kana kitab anu langgeng, anu aya dina diri aranjeun sorangan (
Al-hadist). Geura prak teangan Qudrot-Irodatna
pangeran dina diri sorangan kusabab leuwih nyata, kumaha kawasana
pangeran the dina diri soranagan leuwih nyata hirupna pangeran the dina diri
sorangan, leuwih nyata tinggalina pangeran the dina diri sorangan, leuwih nyata
danguna pangeran the dina diri sorangan, tur leuwih nyata pangandikana pangeran
dina diri sorangan, kusabab ceuk katerangan oge anu kie unggelna “
Wahua ma’akum ainama kantum” anu hartosna Allah ta’ala the ngabarengan
bae ka umat-umatna sakabeh. Dimana wae anjeun aya, di dinya aya Allah ta’ala,
tapi sategeusna ngaran dibarengan ku Allah ta’ala teh nyaeta ku Qudrot tur
irodat-Na, kapan ceuk kapan jelas geuning aya dina sifat waji Allah anu 20 oge
geus diterangkeun ngarangkep-rangkep saperti :
1.
Hayat
jeung Hayan > Hirup jeung nu Hirup.
2.
Sama
jeung Sami’an > Dangu jeung nu Ngadangu.
3.
Bashor
jeung Bashiron > Ninggali jeung nu Ninggali.
4.
Kalaam
jeung Mutakalliman > Ngucap jeung nu Ngucap.
5.
Qudrot
jeung Irodat > Kawasa jeung nu Kersa.
Naon Qudrot (Nu kawasa) dina diri urang the..? Teu aya deui lintang
ti hirup, buktina urang bisa usik.Terus naon ari Irodat (Kersa)? Aya buktina nyaeta:
1.
Panon
bisa ninggali.
2.
Ceupil
bisa ngadangu.
3.
Baham
bisa nyarita.
4.
Pangambung
bisa nganse.
Tah
geuning bukti, jelas teu pisahna teh, ayeuna mah atuh ngan karineangan bae
barangna. Siga naon sifatna Qudrot atawa sifat hirup the? Wajib pisan
kapanggihna teh supaya bisa kaharti jeung karasa, ulah deuk percaya kana ceunah
jeung beja hungkul, tapi kudu nyaho ceuk sorangan.