السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
الْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى
أَشْرَفِ اْلأَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ
أَجْمَعِيْنَ أَمَّا بَعْد
Taimiti jisim kuring ngawitan nulis Ieu kitab,
ngalap berkah ti jenengan Allah Ta’ala, nu maha murah di dunya kasakabeh
mahlukna jeung nu maha asih di akherat kasakabeh umat-umatna anu mu’min, ari rohmatna
Allah, kasalametana lungsurna nyaeta ka panutan urang sadayana, Kanjeng Nabi
Muhammad shalallohu alaihi Wassalam, tur kapara sohabatna tawuh kulawargana
sakabeh.
Wajib Ma’rifat Ka Allah Ta’ala. Ari
ma’rifat ka Allah ta’ala the wajib hukumna disakabeh jalma anu mukalaf, tegesna
ka jalma anu geus aqil baligh, eta hukumna wajib. Hartina teu meunang henteu ku
sabab aya dawuhan kanjeng Nabi Muhammad Sholallu alaihi wassalam anu kie
unggelna: “ Awalu dinni ma’rifatuullohi ta’ala” hartina awal-awal agama eta
kudu nyaho heula ka Allah ta’ala sabab pangna kudu nyaho heula ka allah ta’ala
teh, supaya manusa dina enggoning ibadahna sampurna mungguh Allah ta’ala, sabab
amal ibadah the kudu kalayan dibarengan
ku elmuna, upama kalayan teu dibarenganelmuna nya tangtu moal sampurna, tangtu
moal aya pibekeleun jaga di akherat, ngan saukur di dunya hungkul eta hasil
ibadah karasana.
Tapi
dina hal elmu mangkahde kaliru, ari elmu teh hartina kanyaho, harti nyaho di
dieu lain ngan saukur nyaho syarat syah jeung batalna ibadah hungkul, tapi kudu
nyaho (ma’rifat) ka Allah tur ka rosululloh. Sabab eta teh lamun seuq di
umpamakeun lir ibarat hiji tempat atawa wadah, piwadaheun hasil amal ibadah
urang ulah nepi ka teu puguh sok dimana harep pikeun nundana.
Lamun
seug diibaratkeun mah,”ibadah” the keur ngumpul-ngumpul banda pikeun pamapes
imah saperti, meja, korsi, lomari, tv, kulkas, jeung lian-liana deui. Ari
“ma’rifat” ka Allah ta’ala ibarat urang keur imah anu pageuh, anu geode tur
hade piken ngampihan banda-banda pamapaeh anu menang anu menang
ngumpul-ngumpul, supaya eta sakabeh banda anu menang hese beleke meunang cape,
mereunah puguh pitempateuna, anu tuluyna bakal geunah tumaninah pikeun
dicicingan jadi hiji tempat pangbalikan anu sampurna, kusabab lamun diumpamakeun
deui, sok sanajan urang lubak-libak loba banda sarta aralus tur teu murah
hargana lamun teu baga tempat pikeun panunda’ana anu disebut imah rek dimana
eta nunda sakabeh banda ditundana? Rek dibawa ungkrad- ingkrid pindah ti hiji
imah ka imah lain da puguh can boga imah nu jadi pangbalikan sorangan hartina,
numpang di imah batur, atuh harta banda nu menang hese beleke, menang cape
ngumpul-ngumpul bakal keuna karuksak anu antukna teu jadi sampurna jadi hiji
kanikmatan.
Tangtuna
upami urang mibanda tekad amal ibadah the keur bawaeun engke balik ka akherat
atuh beuki kudu di pikanyahona “ma’rifat” ka Allah ta’ala the sebab pikeun
pangbalikan tea anu disebut “ mulih ka jatina
mulang ka asalna” . Saumpana teu di kanyahokeun ti ayeuna pibakaleun
balikna, naha kira-kira jaga bisa balik ka tempat asal jadi….? Apan dina
sakaratul maot mah geus moal aya tanyaeun deui, jeung geus moal boga akal deui,
kusabab geus teu kabeungkeut ku “ tempat syareat jeung waktu”. Sabab ceuk
nurutkeun katerangan “ upama urang lolong tegesna teu nyaho ka Allah, ka
Rosululloh dina waktu ayeuna keur mangsa di dunya, atuhnya moal bisa jaga di
akherat teteup lolong bae teu nyaho ka Allohna”. Samangsa-mangsa teu nyaho
tegesna poek jaga di akherat, atuh meunang beubeunangan amal ibadah di dunya
anu sakitu hese cape teh rek dibawa kamana..? Kusabab teu bisa balik ka Allah
kanu jadi sa’asal urang sarerea tadi,
palangsial babawa’an tina amal ibadah tadi di dunya the bakal di babawa
utrah-atroh di bawa asup ka enggon
siluman babawa’an urang dijieun kakayaan rugi kacida ieu diri.
Kusabab
eta urang samengpeung masih keneh kumelendang di alamdunya nu ngaji alam
syareat, syareat urang diumbarakeu kunu maha-Na, prak geura ikhtiar nnyiar
kanyaho kajagana tegesna nu didebat “kudu nganjang kapageto” nyaeta diajar maot
samemeh maot, kusabab lamun urang teu diajar maot sajeroning hirup, mangka moal nyaho pangbalikan jaga anu
disebut, iman kana poe akhir (akherat) kapan geuning aya kateurangana “ Antal
maotu qoblal maotu” tah geuning akherat teh kudu di anjangan, tegesna
dikanyahokeun ti ayeuna atawa samemehna. Supaya jaga ulah nepika sasab
lalampahan, pehna marakayangan maot palatat-polotot, juba-jebi, mundeulik nahan
kanyeri kusabab teu apal sa’asal tadi, poek mongkleng, rurang-rorong neangan
jalan pangbalikan.Naudzubilah summa
Naudzubilah.