Monday, November 2, 2015

Kehidupan dengan Ilmu dan Perjuangan


Bismilahirroh Manirrohiim.
Kehidupan yang semakin modern, kehidupanpun berubah drastis dari kehidupan zaman jahiliyah sampai kehidupan yang terang benderang yaitu peradaban Islam yang dipelopori oleh panglima besar Islam Nabi Muhammad SAW. yang diutus oleh Allah SWT. untuk menyampaikan risalah-Nya. Namun dengan seiringnya waktu kehidupan zaman jahiliyahpun telah nampak muncul kembali dikalangan masyarakat umum, baik di perkotaan maupun di perdesaan. Maka apabila kehidupan semua masyarakat umum sudah seperti zaman jahiliyah kembali, dimana gaya hidup  masyarakat yang suka berhura-hura hanya untuk  kesenangan dunia semata. Jika sudah seperti itu, makasangat sulit bahkan hampir mustahil untuk bisa merubahnya kembali, kecuali dengan ilmu dan pertolongan-Nya.
Berbicara tentang perubahan kehidupan masyarakat  dari zaman jahiliyah ke  kehidupan masyarakat yang Islami lalu kembali lagi ke  kehidupan masyarakat jahiliyah, tidak jauh berbeda dengan keadaan masyarakat Indonesia khususnya ummat Islam Indonesia dewasa ini.
Bangsa Indonesia  merupakan sebuah bangsa yang mayoritas penduduknya beragama Islam terbesar di dunia, hampir mencapai 80-85%, tapi kondisi umat Islam di Indonesia tertinggal oleh masyarakat non Islam yang predikatnya minoritas, baik tertinggal dari sisi politik, ekonomi, agama, pendidikan,  kehidupan sosial,  dan dari sisi berpikirpun masih tertinggal oleh kalangan minoritas, mengapa demikian? Karena umat Islam tidak lagi mengunakan pedoman hidup yaitu al-qur’an dan sunah rosul  yang mengajarkan bagaimana cara berpolotik, bersosial, berekonomi, cara berpendidikan, dan cara berpikir. Padahal yang seharusnya lebih maju dan lebih berkembang itu adalah umat Islam.
Berdasarkan permasalahan tersebut yang semakin  terpuruk kehidupan umat Islam, yang seharusnya berilmu pengetahuan, makmur, adil, dan beradab malah menjadi sebaliknya yang berkehidupan tidak adil dan biadab. Oleh karena itu, saya selalu bertekad setiap hari untuk terus selalu menuntut ilmu kapanpun dan dimanapun saya berada, saya harus selalu menuntut ilmu, ilmu apaun karena pada hakikatnya ilmu itu berasal dari Allah SWT. saya bertekad untuk menghilangkan kebodohan diri saya pribadi, lingkungan keluarga dan masyarakat umum dengan terus menuntut ilmu dan mengamalkannya sehingga ilmu yang saya dapatkan menjadi bermanfaat, baik bagi saya, keluarga, masyarakat dan bagi agama.
Saya dengan tekad untuk menuntut ilmu demi menghilangkan kebodohan diri saya, keluarga bahkan masyarakat, maka berbagai usahapun saya lakukan untukmencari ilmu, saya menuntut ilmu mulai dari ketika berada dalam asunhan sang ibu sampai ke pendidikan tingkat sekolah dasar, terus sekolah menengah pertama, dan kemudian sampai saat ini saya duduk di bangku sekolah menengah atas atau sekolah menengah kejuruan dan pondok pesantren saya lakukan dengan berbagai halangan dan rintangan saya terus hadapi dengan penuh pengorbanan serta sabar dan ikhlas semata untuk mencari rido-Nya Allah.
Jadi inti dari semua itu adalah pertama, bahwa semua mahluk yang hidup itu pasti akan memiliki permasalahan, baik permasalahan bersifat pribadi maupun kelompok yang pada hakikatnya semua permasalah itu merupakan ujian bagi umat Islam dan suatu azab bagi orang kafir. Oleh karena itu, maka dalam kehidupan sehari-hari kita mesti selalu menggunakan petunjuk Allah dan rosul agar kita bisa selamat dunia dan akhirat. Kedua, dengan menggunakan pedoman hidup al-qur’an dan sunah, maka kita harus senantiasa menuntut ilmu dimanapun dan kapanpun, karena mencari ilmu itu tidak ada batasnya. Ketiga, kita dalam mencari ilmu harus selalu dilandasi dengan niat untuk saling menolong dalam kebaikan dengan niat Lilahi Ta’ala.

Tuesday, October 6, 2015

Wiwitan Mun Rek Neangan Pangeran

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ،َأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.، أَمَّا بَعْدُ؛

Taimiti jisim kuring ngawitan nulis Ieu kitab, ngalap berkah ti jenengan Allah Ta’ala, nu maha murah di dunya kasakabeh mahlukna jeung nu maha asih di akherat kasakabeh umat-umatna anu mu’min, ari rohmatna Allah, kasalametana lungsurna nyaeta ka panutan urang sadayana, Kanjeng Nabi Muhammad shalallohu alaihi Wassalam, tur kapara sohabatna tawuh kulawargana sakabeh.
 
  Wiwitan Mun Rek Neangan Pangeran
Aya dawuhan kanjeung Nabi Muhammad rosululloh Solullohu Alaihi Wassalam anu kieu unggelna “ Man Tholaba Maulana Biqhoiri Napsihi Faqod Dolla Dolala Baida” pibasa sundaeunana sing saha-saha jalma anu neangan pangerana kaluar tina dirina sorangan mangka batur-batur eta si jalma kasasar. Kusabab dina dirina ngancik rasa jauhna jeung Allah ta’ala, padahal aya dalilna (katerangan) “ Wanahnu Aqrobbu Ilahi Min Hablil Warid”anu hartosna kami geus teu aya antarana deui jeung aranjeun sakabeh.Sanajan lamun di ibaratkeun urang beheung jeung beuheungna anjeun sorangan oge, masih deuket keneh anjeun jeung Kami (Allah), anu matak manusa mah makhluk nu leuwih dimulyakeun ku Allah ta’ala tibatan makhluk sejena, kapan ceuk katerangan dina hadistna oge kie “ Wa Laqod Karomma Bani adam” anu hartosna Kami (allah) geus ngamulyakeun pisan ka anak putuna adam. Dina katerangan sejena oge allah ngadawuh dina surat At-tiin ayat opat nu kie unggelna  Laqod Kholaqnal insana fii ahsani taqwiim” anu hartosna manusa the pang alus-alusna jeung pang aheng-ahengna kajadian ti sasama makhluk Allah ta’ala (QS.At-Tiin:4).
Geura lamun seug anjeun geus nyaho kana diri anjeun sajeroning raga anjeun sorangan, tangtu bakal karasa ka ahenganana anu aya dina waruga sorangan, kakara lamun diri anjeun geus apal ka rasa ayana rumasa kana maha kawasa maha-Na.Aya deui dawuhanana kanjeung nabi Muhammad Saw. Anu kie unggelna “Man ‘arofa nafsahu faqod ‘arofa rabbahu” anu hartosna sing saha-saha jalma anu geus apal kana dirina sorangan, mangka geus tangtu apal ka Gustina (Al-hadist). Dina dawuhan anu sejena “ Wa Man ‘arofa Robbahu faqod jahillan nafsahu” anu kie hartosna sing saha-saha jalma anu geus apal ka Pangerana, tangtu bakal ngarasa bodo dirina (Al-hadist).
Kusabab tangtu kaharti geuning  si jasad the moal bisa usik moal bisa malik lamun teu di dayaken sareng teu di upayakeun ku Pangerana. Sidik geuning ieu si jasad teh lir ibarat rokrakna bae, nu matak urang kudu ngaji, lain ngan saukur ngaji kitab anu keuna kuruksak, tapi kudu dibarengan ku ngaji kitab anu langgeung, kapan geuning ceuk katerangan hadist ge kie “ Iqro kitabakakafa binafsika alyauma ‘alaika hasiba” anu hartosna aranjeun kudu ngaji kana kitab anu langgeng, anu aya dina diri aranjeun sorangan ( Al-hadist). Geura prak teangan Qudrot-Irodatna  pangeran dina diri sorangan kusabab leuwih nyata, kumaha kawasana pangeran the dina diri soranagan leuwih nyata hirupna pangeran the dina diri sorangan, leuwih nyata tinggalina pangeran the dina diri sorangan, leuwih nyata danguna pangeran the dina diri sorangan, tur leuwih nyata pangandikana pangeran dina diri sorangan, kusabab ceuk katerangan oge anu kie unggelna “ Wahua ma’akum ainama kantum” anu hartosna Allah ta’ala the ngabarengan bae ka umat-umatna sakabeh. Dimana wae anjeun aya, di dinya aya Allah ta’ala, tapi sategeusna ngaran dibarengan ku Allah ta’ala teh nyaeta ku Qudrot tur irodat-Na, kapan ceuk kapan jelas geuning aya dina sifat waji Allah anu 20 oge geus diterangkeun ngarangkep-rangkep saperti :
1.             Hayat jeung Hayan > Hirup jeung nu Hirup.
2.             Sama jeung Sami’an > Dangu jeung nu Ngadangu.
3.             Bashor jeung Bashiron > Ninggali jeung nu Ninggali.
4.             Kalaam jeung Mutakalliman > Ngucap jeung nu Ngucap.
5.             Qudrot jeung Irodat > Kawasa jeung nu Kersa.
Naon Qudrot (Nu kawasa)  dina diri urang the..? Teu aya deui lintang ti hirup, buktina urang bisa usik.Terus naon ari Irodat (Kersa)? Aya buktina nyaeta:
1.             Panon bisa ninggali.
2.             Ceupil bisa ngadangu.
3.             Baham bisa nyarita.
4.             Pangambung bisa nganse.
Tah geuning bukti, jelas teu pisahna teh, ayeuna mah atuh ngan karineangan bae barangna. Siga naon sifatna Qudrot atawa sifat hirup the? Wajib pisan kapanggihna teh supaya bisa kaharti jeung karasa, ulah deuk percaya kana ceunah jeung beja hungkul, tapi kudu nyaho ceuk sorangan.

Wednesday, July 15, 2015

Jalan Pikeun Ma’rifat Ka Allah Ta’ala

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ،َأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.، أَمَّا بَعْدُ؛

Taimiti jisim kuring ngawitan nulis Ieu kitab, ngalap berkah ti jenengan Allah Ta’ala, nu maha murah di dunya kasakabeh mahlukna jeung nu maha asih di akherat kasakabeh umat-umatna anu mu’min, ari rohmatna Allah, kasalametana lungsurna nyaeta ka panutan urang sadayana, Kanjeng Nabi Muhammad shalallohu alaihi Wassalam, tur kapara sohabatna tawuh kulawargana sakabeh.
 
                                    Jalan Pikeun Ma’rifat Ka Allah Ta’ala
Ari jalan ma’rifat ka Allah ta’ala nyaeta aya dua jalan, aya jalan nu tihandap kaluhur, jeung aya jalan nu tiluhur kahandap. Ari jalan nu tihandap kaluhur nyaeta tina diajar masantren heula, ngaji kitab Al-qur’an jeung terus ngalakonan ibadahna rukun anu lima perkara, tah nu kitu the hiji jalan keurma’rifat ka Allah ta’ala, tapi hanjakal lolobana mah tara di tepikeun kana ma’rifatna, lantaran kaburu betah, kaburu betah tamaninah dina asmana,padahal lamu seug saumpama diteruskeun ma’rifat kana dzat sifat Allah ta’ala piraku teu undak (naek) kanikmatanana da geuning karek cicing dina asamana hungkul oge geus sakitu karasa kanikmatanana.
Ari jalan anu tiluhur kahandap nyaeta anu bisa nyumponan kana dalil tadi “ Awwalu Dinni Ma’rifatullahi Ta’ala”.Jalana lain ngan saukur tina masantren hungkul, tapi jeung kudu bisa ngisat awak, ngisat diri, nyaeta kudu daek tirakat kalayan jeung daek ikhtiar neangan pigurueunana, nyaeta guru Mursyid, sabab moal weruh tanpa guru, kusabab kitu mangka ku urang kudu disususl teu aya deui lianti tarekatna para wali anu ku urang kudu di susul sabab tarekat eta anu bakal bisa nepikeun diri ma’rifat kana sifatna Allah ta’ala anu disebut “Jauharar awal tea” nyaeta hakekatna Muhammad, da piraku teu aya lelebaranana pikeun urang sarerea. Sabab pangna para wali sakitu poharana tatapa teh, pikeun ngabela umat-umat Rosululloh supaya bisa baralik deui ka Allah ta’ala, kusabab kitu hayu urang pada teangan ku urang sarerea eta tarekat wali teh, sabab upama teu buru-buru kapanggih, tangtu urang moal bisa balik deui ka sa’asal tadi, pinasti nyawa urang bakal kumalayang marakayangan, nitis-nitis balik deui ka dunya kana barang anu bakal keuna ku ruksak deui saperti halna ayeuna anu keur di lakonan ku urang sarerea. Tangtuna moal bisa nyumponan kana katerangan (dalil) “Inna Lilahi Wainna Ilaihi Raji’uun” pibasa sunda’eunana “ Asal ti Allah kudu balik deui ka Allah” eta oge lamun seug urang apal ka Allah anu jadi sa’asal urang tadi, lamun urang teu apal nya urang rek mulang kamana jeung kasaha?.
Kusabab kitu tangtuna oge urang sarerea pada bingung keneh, lantaran urang sarerea pad teu ngarasa tadi inditna ti Allah. Turuna ka dunya teh, tapi kusabab dalil atawa katerangana kitu gancang bae ngaku yen urang asal the nya ti Allah sabari ari uteuk mah bingung ngarasa himeung bae teu manggih bongbolongana, jadi ngakuna asal mu’asal ti Allah  the sameut biwir hungkul kapaksa ngaku soteh sieun disebutkeun kafir tur kufur kusabab henteu percaya kana kateranganana tapi hate mah keukeuh poek bae kusabab henteu karasa anu antukna ngancik dina hatena rasa anu teu ngarumasa maha-Na.
Mangka urang guar babarengan sangkan karasa tur timbul sifat rumasa dina diri kana katerangan urang tadi asal ti Allah urang papai tihandap kaluhur, urang kudu tumarima asal urang timana? Mimiti urang papai tina katerangan anu kaharti ku pikiran nu sifatna umum, urang sakabeh the asal kaluar the ti indung, tuluy papai kaluhurna, ari indung asal timana? Tangtu indung the kaluar ti nini, ari nini kaluar timana?Teu salah deui nya tangtuna nya kaluar ti buyut, ari buyut asal timana?Nya tangtu kaluar ti bao, ari bao kaluar timana?Nya asal kaluar ti janggawarengn, ari janggawareng asal timana?Tangtu kaluar ti udeg-udeg, ari udeg-udeg kaluar timana?Nya tangtu kaluar ti kakait siwur, saterusna kitu, jeung kitu bae, ti indung ka indung deui nepi ka nepi kana nu jadi cukang lantaran wiwitan nyaeta nepi ka kersana babu hawa.
Ari babu hawa asal timana? Ku sakaol ceuk katerangan asalna babu hawa teh ti di damel ku Allah tina iga burungna nabi Adam, ari nabi Adam asal timana? Di terangkeun ku hadist, ari asal mu’asal nabi Adam teh ku Allah di dameul tina acining bumi, acining seuneu,acining cai, tur acining angin (Raspati). Ari acining bumi, acining seuneu, acining cai, tur acining angin, asal timana? Di terangkeun ku hadist asalna tina Nur Muhammad, nyaeta cahaya opat perkara:
1.             Cahaya hideung kakekatna Bumi.
2.             Cahaya bodas hakekatna Cai.
3.             Cahaya koneng hakekatna Angin jeung
4.             Cahaya beureum hakekatna Seuneu.
Ari nur Muhammad asal timana? Eta oge diterangkeun ku hadist tina nur-Na nu Maha Suci, nyaeta tina asal “ Jauhar Awwal “ tah sameut eta buntu, sabab dina katerangan hadist jeung Al-qur’an, eta Jauhar Awwal the bibitna tujuh bumi tujuh langit, saweuruh eusina kabeh. Jadi ana kitu mah asal tina katerangan yen diri urang the asal ti Allah nyaeta urang sakabeh asal tina “ Jauhar Awwal “ tea. Sfatna ca’ang padang narawangan ngageubray cahaya maha-Na, gumulungna Dzat kalayan sifat nu Maha Suci, kakara jeneng Asmana Allah, nyaeta:
1.             Cahaya beureum ngajadi hakekat lafadz “Alif”.
2.             Cahaya koneng ngajadi hakekat lafadz “Lam Awal”.
3.             Cahaya bodas ngajadi hakekat lafadz “Lam Akhir/Akhir”.
4.             Cahaya hideung ngajadi hakekat lafadz “ Ha”.
5.             Jauhar Awwal ngajadi hakekatna “ Tasdid”.
Kitu katerangan, jadi kaopat cahaya eta anu disebut” Ismidzat” tea atawa” Dzat Laisa Kamistlihi “ atawa Asmana nu Maha Suci anu disebut ku ahli padzikiran mah “Latifah” tea. Tah dina waktuna mangsa tumiba, raga anyar ditinggalkeun ku hirupna urang kudu bisa mulih ka jati sa’asal tadina ka dunya, nu matak kacida wajib pisan dikanyahokeunana ti ayeuna samangsa di alam syareat geura susul tarekatna anu bisa nyusul nyingraikeun pipidingna (hijab) anu jadi lalangse moekan tur ngahalangan kana eta gumulungna Dzat jeung sifatna Allah ta’ala, sing bisa panggih jeung hakekatna “ Tasdid Muhammad” anu ngancik dina wujud diri pribadi, kusabab konci “Tasdid Muhammad” anu bisa nyingraikeun lalangse anu moekan anu mipidingan ka Allah ta’ala, saumpama urang geus bisa manggihan tangtu urang bisa nyumponan kana babasa’an diri” Mulih ka Jatina Mulang ka Asalna". Ari mulih ka jati the nyaeta rasa jasmani anu ayena keur dipake, balik deui kana asal tadi keur waktuna dina purukah ( Jauhar Awwal). Ari mulang ka asal nyaeta boga jasmani ngajadi sa’asal tadi deui nyaeta ngajadi “ Nur Muhammad” cahaya opat rupa deui, cahaya beureum, cahaya hideung, cahaya koneng, tur cahaya bodas. Samangsa-mangsa balik ka asalna ngarana “Sampurna” hartina beak, bersih, bersih rasana, beak ragana.