Wednesday, July 15, 2015

Jalan Pikeun Ma’rifat Ka Allah Ta’ala

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ،َأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.، أَمَّا بَعْدُ؛

Taimiti jisim kuring ngawitan nulis Ieu kitab, ngalap berkah ti jenengan Allah Ta’ala, nu maha murah di dunya kasakabeh mahlukna jeung nu maha asih di akherat kasakabeh umat-umatna anu mu’min, ari rohmatna Allah, kasalametana lungsurna nyaeta ka panutan urang sadayana, Kanjeng Nabi Muhammad shalallohu alaihi Wassalam, tur kapara sohabatna tawuh kulawargana sakabeh.
 
                                    Jalan Pikeun Ma’rifat Ka Allah Ta’ala
Ari jalan ma’rifat ka Allah ta’ala nyaeta aya dua jalan, aya jalan nu tihandap kaluhur, jeung aya jalan nu tiluhur kahandap. Ari jalan nu tihandap kaluhur nyaeta tina diajar masantren heula, ngaji kitab Al-qur’an jeung terus ngalakonan ibadahna rukun anu lima perkara, tah nu kitu the hiji jalan keurma’rifat ka Allah ta’ala, tapi hanjakal lolobana mah tara di tepikeun kana ma’rifatna, lantaran kaburu betah, kaburu betah tamaninah dina asmana,padahal lamu seug saumpama diteruskeun ma’rifat kana dzat sifat Allah ta’ala piraku teu undak (naek) kanikmatanana da geuning karek cicing dina asamana hungkul oge geus sakitu karasa kanikmatanana.
Ari jalan anu tiluhur kahandap nyaeta anu bisa nyumponan kana dalil tadi “ Awwalu Dinni Ma’rifatullahi Ta’ala”.Jalana lain ngan saukur tina masantren hungkul, tapi jeung kudu bisa ngisat awak, ngisat diri, nyaeta kudu daek tirakat kalayan jeung daek ikhtiar neangan pigurueunana, nyaeta guru Mursyid, sabab moal weruh tanpa guru, kusabab kitu mangka ku urang kudu disususl teu aya deui lianti tarekatna para wali anu ku urang kudu di susul sabab tarekat eta anu bakal bisa nepikeun diri ma’rifat kana sifatna Allah ta’ala anu disebut “Jauharar awal tea” nyaeta hakekatna Muhammad, da piraku teu aya lelebaranana pikeun urang sarerea. Sabab pangna para wali sakitu poharana tatapa teh, pikeun ngabela umat-umat Rosululloh supaya bisa baralik deui ka Allah ta’ala, kusabab kitu hayu urang pada teangan ku urang sarerea eta tarekat wali teh, sabab upama teu buru-buru kapanggih, tangtu urang moal bisa balik deui ka sa’asal tadi, pinasti nyawa urang bakal kumalayang marakayangan, nitis-nitis balik deui ka dunya kana barang anu bakal keuna ku ruksak deui saperti halna ayeuna anu keur di lakonan ku urang sarerea. Tangtuna moal bisa nyumponan kana katerangan (dalil) “Inna Lilahi Wainna Ilaihi Raji’uun” pibasa sunda’eunana “ Asal ti Allah kudu balik deui ka Allah” eta oge lamun seug urang apal ka Allah anu jadi sa’asal urang tadi, lamun urang teu apal nya urang rek mulang kamana jeung kasaha?.
Kusabab kitu tangtuna oge urang sarerea pada bingung keneh, lantaran urang sarerea pad teu ngarasa tadi inditna ti Allah. Turuna ka dunya teh, tapi kusabab dalil atawa katerangana kitu gancang bae ngaku yen urang asal the nya ti Allah sabari ari uteuk mah bingung ngarasa himeung bae teu manggih bongbolongana, jadi ngakuna asal mu’asal ti Allah  the sameut biwir hungkul kapaksa ngaku soteh sieun disebutkeun kafir tur kufur kusabab henteu percaya kana kateranganana tapi hate mah keukeuh poek bae kusabab henteu karasa anu antukna ngancik dina hatena rasa anu teu ngarumasa maha-Na.
Mangka urang guar babarengan sangkan karasa tur timbul sifat rumasa dina diri kana katerangan urang tadi asal ti Allah urang papai tihandap kaluhur, urang kudu tumarima asal urang timana? Mimiti urang papai tina katerangan anu kaharti ku pikiran nu sifatna umum, urang sakabeh the asal kaluar the ti indung, tuluy papai kaluhurna, ari indung asal timana? Tangtu indung the kaluar ti nini, ari nini kaluar timana?Teu salah deui nya tangtuna nya kaluar ti buyut, ari buyut asal timana?Nya tangtu kaluar ti bao, ari bao kaluar timana?Nya asal kaluar ti janggawarengn, ari janggawareng asal timana?Tangtu kaluar ti udeg-udeg, ari udeg-udeg kaluar timana?Nya tangtu kaluar ti kakait siwur, saterusna kitu, jeung kitu bae, ti indung ka indung deui nepi ka nepi kana nu jadi cukang lantaran wiwitan nyaeta nepi ka kersana babu hawa.
Ari babu hawa asal timana? Ku sakaol ceuk katerangan asalna babu hawa teh ti di damel ku Allah tina iga burungna nabi Adam, ari nabi Adam asal timana? Di terangkeun ku hadist, ari asal mu’asal nabi Adam teh ku Allah di dameul tina acining bumi, acining seuneu,acining cai, tur acining angin (Raspati). Ari acining bumi, acining seuneu, acining cai, tur acining angin, asal timana? Di terangkeun ku hadist asalna tina Nur Muhammad, nyaeta cahaya opat perkara:
1.             Cahaya hideung kakekatna Bumi.
2.             Cahaya bodas hakekatna Cai.
3.             Cahaya koneng hakekatna Angin jeung
4.             Cahaya beureum hakekatna Seuneu.
Ari nur Muhammad asal timana? Eta oge diterangkeun ku hadist tina nur-Na nu Maha Suci, nyaeta tina asal “ Jauhar Awwal “ tah sameut eta buntu, sabab dina katerangan hadist jeung Al-qur’an, eta Jauhar Awwal the bibitna tujuh bumi tujuh langit, saweuruh eusina kabeh. Jadi ana kitu mah asal tina katerangan yen diri urang the asal ti Allah nyaeta urang sakabeh asal tina “ Jauhar Awwal “ tea. Sfatna ca’ang padang narawangan ngageubray cahaya maha-Na, gumulungna Dzat kalayan sifat nu Maha Suci, kakara jeneng Asmana Allah, nyaeta:
1.             Cahaya beureum ngajadi hakekat lafadz “Alif”.
2.             Cahaya koneng ngajadi hakekat lafadz “Lam Awal”.
3.             Cahaya bodas ngajadi hakekat lafadz “Lam Akhir/Akhir”.
4.             Cahaya hideung ngajadi hakekat lafadz “ Ha”.
5.             Jauhar Awwal ngajadi hakekatna “ Tasdid”.
Kitu katerangan, jadi kaopat cahaya eta anu disebut” Ismidzat” tea atawa” Dzat Laisa Kamistlihi “ atawa Asmana nu Maha Suci anu disebut ku ahli padzikiran mah “Latifah” tea. Tah dina waktuna mangsa tumiba, raga anyar ditinggalkeun ku hirupna urang kudu bisa mulih ka jati sa’asal tadina ka dunya, nu matak kacida wajib pisan dikanyahokeunana ti ayeuna samangsa di alam syareat geura susul tarekatna anu bisa nyusul nyingraikeun pipidingna (hijab) anu jadi lalangse moekan tur ngahalangan kana eta gumulungna Dzat jeung sifatna Allah ta’ala, sing bisa panggih jeung hakekatna “ Tasdid Muhammad” anu ngancik dina wujud diri pribadi, kusabab konci “Tasdid Muhammad” anu bisa nyingraikeun lalangse anu moekan anu mipidingan ka Allah ta’ala, saumpama urang geus bisa manggihan tangtu urang bisa nyumponan kana babasa’an diri” Mulih ka Jatina Mulang ka Asalna". Ari mulih ka jati the nyaeta rasa jasmani anu ayena keur dipake, balik deui kana asal tadi keur waktuna dina purukah ( Jauhar Awwal). Ari mulang ka asal nyaeta boga jasmani ngajadi sa’asal tadi deui nyaeta ngajadi “ Nur Muhammad” cahaya opat rupa deui, cahaya beureum, cahaya hideung, cahaya koneng, tur cahaya bodas. Samangsa-mangsa balik ka asalna ngarana “Sampurna” hartina beak, bersih, bersih rasana, beak ragana.
 

Thursday, August 14, 2014

Wajib Ma’rifat Ka Allah Ta’ala.



السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
الْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى أَشْرَفِ اْلأَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ أَمَّا بَعْد

         Taimiti jisim kuring ngawitan nulis Ieu kitab, ngalap berkah ti jenengan Allah Ta’ala, nu maha murah di dunya kasakabeh mahlukna jeung nu maha asih di akherat kasakabeh umat-umatna anu mu’min, ari rohmatna Allah, kasalametana lungsurna nyaeta ka panutan urang sadayana, Kanjeng Nabi Muhammad shalallohu alaihi Wassalam, tur kapara sohabatna tawuh kulawargana sakabeh.

Wajib Ma’rifat Ka Allah Ta’ala. Ari ma’rifat ka Allah ta’ala the wajib hukumna disakabeh jalma anu mukalaf, tegesna ka jalma anu geus aqil baligh, eta hukumna wajib. Hartina teu meunang henteu ku sabab aya dawuhan kanjeng Nabi Muhammad Sholallu alaihi wassalam anu kie unggelna: “ Awalu dinni ma’rifatuullohi ta’ala” hartina awal-awal agama eta kudu nyaho heula ka Allah ta’ala sabab pangna kudu nyaho heula ka allah ta’ala teh, supaya manusa dina enggoning ibadahna sampurna mungguh Allah ta’ala, sabab amal ibadah the kudu kalayan  dibarengan ku elmuna, upama kalayan teu dibarenganelmuna nya tangtu moal sampurna, tangtu moal aya pibekeleun jaga di akherat, ngan saukur di dunya hungkul eta hasil ibadah karasana.
Tapi dina hal elmu mangkahde kaliru, ari elmu teh hartina kanyaho, harti nyaho di dieu lain ngan saukur nyaho syarat syah jeung batalna ibadah hungkul, tapi kudu nyaho (ma’rifat) ka Allah tur ka rosululloh. Sabab eta teh lamun seuq di umpamakeun lir ibarat hiji tempat atawa wadah, piwadaheun hasil amal ibadah urang ulah nepi ka teu puguh sok dimana harep pikeun nundana.
Lamun seug diibaratkeun mah,”ibadah” the keur ngumpul-ngumpul banda pikeun pamapes imah saperti, meja, korsi, lomari, tv, kulkas, jeung lian-liana deui. Ari “ma’rifat” ka Allah ta’ala ibarat urang keur imah anu pageuh, anu geode tur hade piken ngampihan banda-banda pamapaeh anu menang anu menang ngumpul-ngumpul, supaya eta sakabeh banda anu menang hese beleke meunang cape, mereunah puguh pitempateuna, anu tuluyna bakal geunah tumaninah pikeun dicicingan jadi hiji tempat pangbalikan anu sampurna, kusabab lamun diumpamakeun deui, sok sanajan urang lubak-libak loba banda sarta aralus tur teu murah hargana lamun teu baga tempat pikeun panunda’ana anu disebut imah rek dimana eta nunda sakabeh banda ditundana? Rek dibawa ungkrad- ingkrid pindah ti hiji imah ka imah lain da puguh can boga imah nu jadi pangbalikan sorangan hartina, numpang di imah batur, atuh harta banda nu menang hese beleke, menang cape ngumpul-ngumpul bakal keuna karuksak anu antukna teu jadi sampurna jadi hiji kanikmatan.
Tangtuna upami urang mibanda tekad amal ibadah the keur bawaeun engke balik ka akherat atuh beuki kudu di pikanyahona “ma’rifat” ka Allah ta’ala the sebab pikeun pangbalikan tea anu disebut “ mulih ka jatina  mulang ka asalna” . Saumpana teu di kanyahokeun ti ayeuna pibakaleun balikna, naha kira-kira jaga bisa balik ka tempat asal jadi….? Apan dina sakaratul maot mah geus moal aya tanyaeun deui, jeung geus moal boga akal deui, kusabab geus teu kabeungkeut ku “ tempat syareat jeung waktu”. Sabab ceuk nurutkeun katerangan “ upama urang lolong tegesna teu nyaho ka Allah, ka Rosululloh dina waktu ayeuna keur mangsa di dunya, atuhnya moal bisa jaga di akherat teteup lolong bae teu nyaho ka Allohna”. Samangsa-mangsa teu nyaho tegesna poek jaga di akherat, atuh meunang beubeunangan amal ibadah di dunya anu sakitu hese cape teh rek dibawa kamana..? Kusabab teu bisa balik ka Allah kanu jadi sa’asal urang sarerea  tadi, palangsial babawa’an tina amal ibadah tadi di dunya the bakal di babawa utrah-atroh  di bawa asup ka enggon siluman babawa’an urang dijieun kakayaan rugi kacida ieu diri.
Kusabab eta urang samengpeung masih keneh kumelendang di alamdunya nu ngaji alam syareat, syareat urang diumbarakeu kunu maha-Na, prak geura ikhtiar nnyiar kanyaho kajagana tegesna nu didebat “kudu nganjang kapageto” nyaeta diajar maot samemeh maot, kusabab lamun urang teu diajar maot sajeroning hirup,  mangka moal nyaho pangbalikan jaga anu disebut, iman kana poe akhir (akherat) kapan geuning aya kateurangana “ Antal maotu qoblal maotu” tah geuning akherat teh kudu di anjangan, tegesna dikanyahokeun ti ayeuna atawa samemehna. Supaya jaga ulah nepika sasab lalampahan, pehna marakayangan maot palatat-polotot, juba-jebi, mundeulik nahan kanyeri kusabab teu apal sa’asal tadi, poek mongkleng, rurang-rorong neangan jalan pangbalikan.Naudzubilah summa Naudzubilah.

Tuesday, December 17, 2013

Dinul Islam

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ كَانَ بِعِبَادِهِ خَبِيْرًا بَصِيْرًا، تَبَارَكَ الَّذِيْ جَعَلَ فِي السَّمَاءِ بُرُوْجًا وَجَعَلَ فِيْهَا سِرَاجًا وَقَمَرًا مُنِيْرًا. أَشْهَدُ اَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وأََشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وُرَسُولُهُ الَّذِيْ بَعَثَهُ بِالْحَقِّ بَشِيْرًا وَنَذِيْرًا، وَدَاعِيَا إِلَى الْحَقِّ بِإِذْنِهِ وَسِرَاجًا مُنِيْرًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا. أَمَّا بَعْدُ؛ 
        Segala puji bagi Allah, yang Maha Mengetahui dan Maha Melihat hamba-hambanya, Maha suci Allah, Dia-lah yang menciptakan bintang-bintang di langit, dan dijadikan padanya penerang dan Bulan yang bercahaya. Aku bersaksi bahwa tidak ada Tuhan selain Allah dan bahwa Muhammad adalah hamba-Nya dan Rasul-Nya, yang diutus dengan kebenaran, sebagai pembawa kabar gembira dan pemberi peringatan, mengajak pada kebenaran dengan izin-Nya, dan cahaya penerang bagi umatnya. Ya Allah, curahkan sholawat dan salam bagi nya dan keluarganya, yaitu doa dan keselamatan yang berlimpah.
       Diantara agama-agama besar di dunia, Islam memiliki keistimewaan baik dari segi isi ajarannya maupun dari segi maknanya itu sendiri. Dari segi makna, Islam dapat berarti :
1.Kesejahtraan dan keselamatan, yang diambil dari asal kata "ASLAMA- YUSLIMU-ISLAMAN". Di   dalam Al-Quran pun Allah SWT. berfirman dalam Q.S. Al-Maidah ayat 16 yakni:

يَهْدِي بِهِ اللَّهُ مَنِ اتَّبَعَ رِضْوَانَهُ سُبُلَ السَّلامِ وَيُخْرِجُهُمْ مِنَ الظُّلُمَاتِ إِلَى النُّورِ بِإِذْنِهِ وَيَهْدِيهِمْ إِلَى صِرَاطٍ مُسْتَقِيمٍ 
Dengan (Al-Quran) itu Allah menunjukkan jalan-jalan keselamatan serta kesejahteraan kepada sesiapa yang mengikut keredaanNya, dan (dengannya) Tuhan keluarkan mereka dari gelap-gelita (kufur) kepada cahaya (iman) yang terang-benderang, dengan izinNya; dan (dengannya juga) Tuhan menunjukkan mereka ke jalan yang lurus (QS. Al-Maidah:16).

2. Tangga, jenjang ke atas dari asal kata SULLAMUN.
3. Penyerahan diri sepenuhnya kepada Allah SWT. dari asal kata "SALIMA-YASLAMU", sebagaimana Firman Allah dalam surat Al-An'am ayat 71 yakni:

“Katakanlah: “Sesungguhnya petunjuk Allah itulah sebenar-benar petunjuk, dan kita diperintahkan supaya berserah diri kepada Tuhan yang memelihara dan mentadbirkan sekalian alam” (QS. Al-An'am :71).

        Sudah sejak permulaan sekali Islam adalah agama perdamaian, dan dua ajaran pokoknya ke Esaan Allah SWT. dan kesatuan atau persaudaran seluruh umat manusia, yang menjadi bukti nyata bahwa agama Islam selaras dengan namanya, dan juga selaras denan fitroh manusia.

         Islam bukan saja dikatakan sebagai agama  yang sekalian Nabi Allah, melaikan sebagai segala sesuatu yang berserah diri dan juga tunduk sepenuhnya kepada apa yang sudah menjadi ketentuan Allah. Islam adalah agama yang benar yang allah berikan kepada hamba-Nya. yang sebagaimana firmannya dalam Al-Quran yang artinya " Sesungguhnya agama yang diridoi Allah hanyalah agama Islam".
Wallohu'alam Bishowab.